Minggu, 02 Mei 2010

Puisi Basa Sunda

KALANGKANG

Kalangkang……….

Nu gugupay dina lamunan

Panglipur kalbu

Pamepes hate nu keur lungse

Pangupah jiwa nu keur lara

Kalangkang………..

Geura datang

Ieu hate teu bisa sare

Ieu jiwa teu bisa tibra

Kumalayang ngawang-ngawang

Mawa harepan anu panjang

Mawa impian anu nyari

Tapi anjeun henteu surti

Kalangkang…………

Anjeun ngan ukur harepan

Nu pinuh kubatas ruang jeung waktu

Nu teu bisa kajamah kuraga

Kalangkang…….

Anjeun tetep ngan ukur jadi kalangkang

Ditungguan anjeun cicing

Diudag anjeun lumpat

Ah………….kalangkang

1 komentar: